JONGGRANG KALAPITUNG (Sasakala Gunung Bongkok)


bongkokJaman baheula, di sabudeureun Jatiluhur masih kénéh loba leuweung geledegan. Ari nu ngageugeuh di éta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna Jonggrang Kalapitung. Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumis jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hésé ngabédakeunana, naha keur leuleuy atawa keur ambek.
Hiji mangsa, Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan, taya deui carana iwal ti kudu ménta tulung ka urang lembur nu aya di sisi Walungan Citarum nya éta Lembur Cisarua. Barang nepi ka tungtung lembur, tuluy hohoak ngageroan ka urang dinya.
“Héy, urang lembur, ka darieu, euy!” sorana handaruan. Ngadéngé panggero Jonggrang Kalapitung, teu sirikna sapangeusi lembur tamplok nyalampeurkeun.
“Aya pikersaeun naon Juragan ngempelkeun abdi di dieu? Abdi sadaya sayogi upami juragan aya kapalay,” ceuk kokolot lembur.
“Ha..ha..ha..ha, hadé, hadé. Tapi ulah nyebut juragan, euy! Uing mah hayang disebut Aa!” ceuk Jonggrang Kalapitung gumasép bari muril-muril kumisna anu sagedé catang kalapa. Barabat atuh manéhna nyaritakeun kahayangna. Hayang nguseup di Walungan Citarum. Anu matak rék ménta tulung ka urang lembur, pangnyieunkeun useup anu gedé, talina anu gedé, sakalian jeung eupanna deuih.
Paménta Jonggrang Kalapitung ditedunan ku urang lembur. Terus baé digarawé babarengan, nyieun useup raksasa. Sanggeus sawatara bulan kakara anggeus, tuluy disanggakeun ka Jonggrang Kalapitung.
“Alus, nuhun, euy. Alus pagawéan téh, kapaké ku Aa mah. Ari eupanna aya?” ceuk Jonggrang Kalapitung bari ngilikan useup jeung talina.

“Aya, ieu hulu munding.”
Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung baé dialungkeun ka Walungan Citarum, lebah leuwi nu pangjerona. Jonggrang Kalapitung nguseup bari dilalajoanan ku sakabéh pangeusi lembur. Nangtungna ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna. Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku urang dinya mah disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé Gunung Bongkok. Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Desa Cisarua, Jatiluhur.
Dina poé kaopat puluh, useup téh oyag-oyagan. Gancang baé atuh ku Jonggrang Kalapitung téh dicentok sataker tanaga. Ku lantaran lepas teuing nyentokna, useup téh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Dibetot hésé. Ari pék ngait kana leuweung haur. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga, nepi ka sakabéh haur di dinya kapangkas, tapakna jadi papak lir anu beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya ogé, sok peunggas, jadi papak jeung nu séjénna. Nepi ka kiwari éta leuweung téh katelah ngaranna Leuweung Haurpapak.
Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut téh? Barang diilikan, singhoréng ukur lauk jelér. Asup kana ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorék. Lantaran keuheul, éta jelér téh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilélé, Désa Cisarua, Jatiluhur.
Tah, tempat ragragna jelér téh jadi émpang, anu nepi ka ayeuna ku urang Cisarua mah disarebut Kubang.
Ku lantaran teu meunang lauk gedé, lila-lila Jonggrang Kalapitung téh lapar. Karepna rék ménta tulung ka urang lembur, tapi geus euweuh saurang-urang acan, lantaran kalabur sarieuneun nénjo Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan. Nu aya téh ngan tangkal jéngkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangké, jéngkol téh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Na atuh barang rék kiih bet ngarasa nyeri. Singhoréng Jonggrang Kalapitung téh jéngkoleun.

Manéhna gulang-guling bari gagauran nahan kanyeri. Tuluy baé ngucapkeun supata, “Héy, tangkal jéngkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rék ditumpurkeun! Nepi ka iraha baé ogé, di daérah ieu tangkal jéngkol moal bisa jadi!”
Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah Jonggrang Kalapitung téh leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua mah teu kungsi aya tangkal jéngkol anu bisa jadi, cenah lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.***

Sumber: Facebook.com

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: